Postingan
Sajarah Éjahan Basa Sunda
Éjahan basa Sunda robah ti mangsa ka mangsa. Nepi ka kiwari aya sababaraha éjahan anu kungsi dipaké dina basa Sunda. Upama disusun tur dipedar sacara kronologis, bisa kieu: Taun 1912: Terbit buku ngeunaan éjahan basa Sunda anu judulna Palanggeran Nuliskeun Basa Sunda ku Aksara Sunda jeung Aksara Walanda, beunang D. K. Ardiwinata, anu dikaluarkeun ku Commisie voor de Volkslectuur (Komisi Bacaan Rayat). Eta éjahan téh suméndér kana éjahan Ch. Van Ophuysen, sarta dipaké nepi ka taun 1947. Taun 1952: Dina Kongrés Basa Sunda, Surawidjaya ngasongkeun prasaran ngeunaan ” Éjahan Basa Sunda ku Aksara Latén” Malah taun 1956 éta prasaran téh dipedar deui ku R. I. Adiwidjaya. Sanajan kitu, pamaréntah can bisa ngesahkeun éta hasil. Ari alesanana, lantaran éjahan basa Indonesia ogé can puguh kumaha-kumahana. Taun 1959: Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) ngaropéa sarta ngesahkeun ”Éjahan Basa Sunda ku Aksara Latén”. Ieu éjahan téh diluyukeun jeung Éjahan Suwandi anu dipaké dina basa Indonesia . Taun …